Campursari

Campursari nyaéta salah sahiji istilah pikeun némbongkeun adu manis sora atawa nada tina waditra-waditra tradisional jeung instrumén-instrumén musik modéren ti Kulon, kalawan jalinan-jalinan nada anu harmonis, kawas rebab dikombinasikan jeung piano, biola dipidangkeun jeung kacapi, gitar kalawan suling (tarling). Ilaharna nyampurkeun gamelan pentatonis jeung diatonis. Musik ieu kawentar di Jawa Tengah ogé Jakarta. Upami di daerah Sunda aya campursari gaya Bandung. Didi Kempot salah sahiji vokalis campursari di Solo, Doel Sumbang di Bandung.


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy