Dodol

Dodol susu

Dodol nyaéta salah sahiji wanda kadaharan anu kaasup kana kadaharan amis, wanguna leuleus liat. Pikeun nyieun dodol anu mibanda kualitas hadé dibutuhkeun kaparigelan jeung waktu anu lila, ku sabab nyieun dodol bisa kawilang hésé [1]. Bahan-bahan anu diperlukeun dina nyieun dodol nyaéta cipati, tipung béas, gula bodas, gula beureum jeung uyah[2].

  1. Suryanti, Panduan pengolahan dua puluh jenis buah, PT Niaga Swadaya, 2010, kaca 53
  2. Dimas, 180 Sumber penghasil uang, Cetak Buku Publisher, kaca 60

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy