Jingitiu

Jingitiu nyaéta hiji ageman masarakat di [[Nusa Tenggara Wétan]] anu diwariskeun sacara lisan. Dina ajaran ieu, Pangéran téh dat anu pangluhurna, disebut ''Déo Ama'' atawa ''Déo Muri Mara'', anu hartina Pangéran geus aya ti dituna, teu diciptakeun. Inti ajaranana negeskeun yén Pangéran téh aya, sumber sakur sagala nu aya, sumber sagala hirup jeung kahirupan, nu ngawasa mayapada. Jingitiu boga struktur badan anu disebut ''Mone Ama'', anu ngawengku tujuh kalungguhan: Déo Rai, Dohe Léo, Rue, Bangu Uda, Pulodo Muhu, Mau Kia, jeung Bowairi.[1]

  1. Ensiklopedi Kepercayaan terhadap Tuhan Yang Maha Esa. ISBN 9789791607117. 

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy