Purnawarman

Purnawarman nyaéta Raja karajaan Hindu Tarumanagara ka-3 (400 - 500) Maséhi.[1] Dumasar kana tujuh prasasti penting titinggal karajaan Tarumanagara ti abad ka lima anu ditulis maké hurup Palawa dina basa Sansakerta.[1] Prasasti kapanggih di tilu tempat : daérah Bogor, Jakarta, Jeung Lebak Banten.[1] Purnawarman kasohor Raja anu jujur, adil tur wijaksana dina ngaheuyeuk karajaan.[1][2] Dina naskah Wangsakerta disebutkeun kakawasaan Raja Purnawarman ngalimpudan 48 Raja-raja daérah anu ngampar ti mimiti Salakanagara taya lian (di daérah, Pandeglang) nepi ka Purwalingga (kiwari Purbalingga) di Jawa Tengah.[3][4][5]

  1. a b c d Al Ansori, M. Junaedi (2011). Sejarah Nasional Indonesia Masa Prasejarah Sampai Masa Proklamasi Kemerdekaan (Seri sejarah Nasional Indonesia). Jakarta: PT Mitra Aksara Panaitan. ISBN 9786028262309. 
  2. A.M, M.Pd, Drs. Sardiman (2008). Sejarah 2. Jakarta: Yudhistira Ghalia Indonesia. ISBN 9789797469061. 
  3. Jusuf Judanagara, Okki (2015). The King's Code, Pesan Raja Agung Purnawarman. Jakarta: Prima Ufuk Semesta. ISBN 9786023720286. 
  4. Sejarah Peradaban Dunia Lengkap. Indonésia: Pustaka Widyatama. 2019. p. 269. ISBN 9786232447646.  Disungsi11 Juli 2023
  5. Gardjito, Heni Pridia Rukmini Sari, Marosimy Millaty, Murdijati (2024). Kuliner Sunda Nikmat Sedap MelegendaGardjito, Heni Pridia Rukmini Sari, Marosimy Millaty. Jakarta: UGM PRESS. p. 7. ISBN 9786023863556.  Disungsi 27 Juli 2024

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy