3G

Standar
telepon mobil jeung data
Kulawarga GSM / UMTS
2G
3G
Pre-4G
Kulawarga cdmaOne / CDMA2000
2G
3G
Pre-4G
Tehnologi sejen
0G
1G
2G
Pre-4G
Pita frékuénsi

3G (dibaca: triji, asalna tina kecap-kecap basa Inggris 3rd Generation) nyaéta standar katut téknologi telepon sélulér generasi-katilu, anu hadir saenggeus lahirna 2G. 3G téh dijieun dumasar kana kulawarga standar anu dikaluarkeun ku International Telecommunication Union (ITU) hasil tina kagiatan International Mobile Telecommunications programme, "IMT-2000". Téknologi 3G ngamungkinkeun operator jaringan pikeun nawarkeun ka palangganna rupa-rupa layanan anu leuwih canggih bari ngahasilkeun kapasitas jaringan anu leuwih gédé ku cara ningkatkeun éfisiénsi spéktrum frékuénsi. Layanan-layanan ieu di antarana wide-area wireless voice telephony jeung broadband wireless data, anu dijalankeun dina lingkungan bagerak (usik). Biasana, 3G nawarkeun layanan anu laju pangiriman datana 5-10 Mb per detik.

Henteu jiga jaringan IEEE 802.11, jaringan 3G mah mangrupa jaringan telepon sélulér anu ngawengku daérah anu lega sarta mampuh nyadiakeun aksés internét jeung telepon vidéo dina laju pangiriman data nu gancang. Sedengkeun jaringan IEEE 802.11 (Wi-Fi) mah mangrupa jaringan pitarubak anu wewengkonna leutik (radius pancaranana pondok) sarta dimekarkeun utamana pikeun ngirim data.

Nurutkeun Global mobile Suppliers Association, dina bulan Désémber 2005, 100 jaringan 3G dijalankeun di 40 nagara. Di Asia, Éropah, Kanada jeung Amérika Sarikat, pausahaan-pausahaan télékomunikasi ngagunakeun téknologi W-CDMA anu narima kira-kira 100 désain terminal pikeun ngajalankeun jaringan sélulér 3G.


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy