Botol

Hiji Botol PET

Botol nyaéta hiji wadah biasana mibanda beuheung rada panjang jeung liangna leuwih leutik ti batan awakna. Sabalikna tina pelés/stoples/kéler, paragi mukana béda saeutik ukurana ti batan awakna. Botol ilaharna dijieun tina kaca, taneuh liat, plastik, almunium atawa bahan séjén anu sakira-kira mibanda kakuatan anu sarua. Botol biasana mah dipaké nyimpen sabangsaning cai, minyak, kimia, obat-obatan jeung sajabana.

Supaya eusina henteu bahé, botol dibekelan tutup, anu ngarana tutup botol dipasang dipaling luar aya ogé anu dipasang tutup bagian jerona atawa cocokna (internal). Kiwari tutup botol bisa waé maké sistem ségel induksi. Kiwari botol anu dieusian cai nginum utamana di mana meuli caina mangka kudu mawa botol pikeun panukeuranna ku jalan kieu salian leuwih murah ogé ieu mantuan tarékah pikeun ngurangan polusi anu dibalukarkeun tina ieu botol.


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy