Endog

Endog hayam (kénca) jeung puyuh (katuhu).

Endog, pikeun sababaraha sato, mangrupa zigot hasil fértilisasi ovum. Sato ovipar hartina sato nu ngendog, teu tumuwuh (paling aya gé saeutik) dina jero indungna. Ieu mangrupa cara baranahan rupa-rupa lauk, Amfibi, jeung réptil, sakabéh unggas, monotréma, sarta lolobana insékta jeung arachnid.[1]

Endog réptil, unggas, jeung monotréma dibungkus ku cangkang, boh nu leuleus atawa nu heuras. Endog "manuk onta" (burung unta, ostrich) nu beuratna nepi ka 1,5 kilo mangrupa sél tunggal pangbadagna nu kanyahoan, najan Aepyornis jeung dinosaurus nu geus parunah sabenerna endogna leuwih gedé, sedengkeun nu pangleutikna ti golongan unggas mah nyaéta endog bee hummingbird. Endog réptil jeung lolobana lauk ukuranana leuwih leutik, komo endog insékta jeung invertebrata lianna mah.

Impun salmon megar - larva ieu tumuwuh di sabudeureun sésa endogna - nu katémbong téh artéri, jeung jeroan séjénna.
  1. Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. 

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy