Filsafat

Filsafat sacara étimologis ngandung harti 'cinta kawijakan', tina basa Yunani 'philo' (wijak) jeung 'sofia' (cinta). Kiwari, istilah ieu mibanda ambahan anu lega ngawengku pangaweruh atawa kawijakan ngeunaan zat fundaméntal ngeunaan hirup, paéh, harti, kanyataan, jeung bebeneran. Istilah ieu bisa ogé nujul kana karya koléktif para filsuf utama; bisa dihartikeun éksplorasi akademis tina rupa-rupa pananya nu diangkat ku para filsuf; atawa bisa ogé dihartikeun kritik, pola pikir anu kréatif.


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy