Kejawen

Kejawén (Jawa Kejawén) mangrupa hiji kapercayaan anu diagem ku masarakat di pulo Jawa ku urang Jawa jeung séké sélér lian nu netep di Jawa. Hakékatna kejawén mangrupa hiji filsafat nuaya saprak urang Jawa (dina basa Jawa: Wong Jawa ꦮꦺꦴꦁꦗꦮ, Krama: Tiyang Jawi ꦠꦶꦪꦁꦗꦮꦶ) éta aya. Ieu hal bisa ditempo tina ajaranna anu universal jeung jeung salaasna raket jeung agama anu diagem sapopoéna. Buku jeung naskah kuna Kejawén teu ngécéskeun ajaranna salaku ajaran agama sanajan geus lajuning lakuna. Kejawén ogé teu bisa dipisahkeun tina agama sabab filsafat Kejawén didadasaran ku ajaran agama anu diagem ku filsuf Jawa.

Ti jaman baheula, urang Jawa ngaku manunggalna Alloh Swt. kalawan jadi inti ajaran Kejawén, nyaéta ngarahkeun manusa Sangkan Paraning Dumadhi (cahayana. "Ti mana datang jeung mulang téh ka Gusti") jeung ngawangun insan anu tuhu ka gusti : Manunggaling Kawula lan Gusthi ("Ngahijina manusa jeung Gusti"). Tina éta kamanunggalan , ajaran Kejawén miboga misi ieu di handap.

  1. Mamayu Hayuning Pribadhi (salaku rahmat keur diri pribadi)
  2. Mamayu Hayuning Kaluwarga (salaku rahmat keur kulawarga)
  3. Mamayu Hayuning Sasama (salaku rahmat keur sasama manusia)
  4. Mamayu Hayuning Bhuwana (salaku rahmat keur alam)

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy