Kentang

Kentang
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Subkelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
S. tuberosum
Ngaran binomial
Solanum tuberosum

Kentang (Solanum tuberosum L.) nyaéta pepelakan ti séké sélér Solanaceae anu mibanda beutiwatang anu bisa didahar sarta disebut "kentang" ogé. Beuti kentang ayeuna geus jadi salah sahiji kadaharan poko anu penting di Éropa sanajan mimitina mah didatangkeun ti Amérika Kidul.[1] Hui kentang katelahna hui kumeli [2][3].

Kentang mangrupa pepelakan dikotil anu boga sipat sausum sarta ngawangun semak/hérba. Watangna anu aya di luhur dadampalan taneuh, aya anu warna héjo, kabeureum-beureuman, atawa gandaria kolot. Tapi, kelir watang ieu ogé dipangaruhan ku umur pepelakan sarta kaayaan lingkungan. Dina kasuburan taneuh anu leuwih garing, biasana kelirwatang pepelakan anu leuwih kolot bakal leuwih nyongcolang. Bagian handap watangna jadi neusan sakumaha tatangkalan kayu. Sedengkeun watang pepelakan ngora mah henteu mikayu siga nu kolot, ku kituna henteu pati kuat sarta gampang ruksak.[1]

  1. a b (id)[1] Archived 2011-09-03 di Wayback Machine(diakses tanggal 20 oktober 2011)
  2. Kentang disebut ogé kumeli
  3. Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. p. 152. Diakses tanggal 9 Desember 2019. 

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy