Lauk

Héring Atlantik, Clupea harengus: spésiés lauk panglobana di sakuliah dunya.

Lauk atawa lauk cai mangrupa vertebrata poikilotermik (getih tiis) nu hirup di jero cai maké insang. Di dunya, lauk kabagi jadi leuwih ti 27 rébu spésiés, nepi ka jadi golongan vertebrata nu loba rupana. Sacara taksonomis, lauk téh mangrupa hiji kelompok parafilétik nu hubungan di antarana paling mindeng dipadungdengkeun; babagian nu umum mah nyaéta jadi lauk tanpa rahang (kelas Agnatha, 75 spésiés kaasup belut jeung hagfish), lauk kartilagus (kelas Chondrichthyes, aya 800 spésiés, kaasup hiu), sarta sésana dina kelas lauk ipis (Osteichthyes).

Lauk téh mangrupa golongan sato anu ukuran awakna rupa-rupa pisan: ti hiu anu 16 m nepi ka impun anu ukur 2 cm, malah loba kénéh anu ukuranana leuwih leutik ti impun.


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy