Pakarang nuklir

Awan suung tina Bom atom Nagasaki, Jepang, 1945, jangkungna 18 kilométer luhureun hiposénter.

Pakarang nuklir hartina pakarang nu ngahasilkeun kakuatan ngaruksakna tina réaksi nuklir/inti, boh fisi atawa fusi. Hasilna, pakarang nuklir nu kawilang leutik téh jauh leuwih kuat batan bom konvénsional pangbadagna, sahingga hiji bom bisa ngancurkeun hiji kota sagemblengna.

Dina sajarah perang, pakarang nuklir téh kungsi dipaké ukur dua kali, nyaéta dina pamungkasan Perang Dunya II. Nu kahiji lumangsung isuk-isuk 6 Agustus 1945, nalika pesawat AS ngaragragkeun "Little Boy", bom uranium, ka Hirosima, Jepang. Anu kadua lumangsung tilu poé sanggeusna, nalika AS ngaragragkeun "Fat Man", bom plutonium, ka kota Nagasaki. Dipakéna pakarang nu ngabalukarkeun tiwasna 100-200 rébu jalma (malah cenah leuwih) ieu nepi ka kiwari masih jadi kontroversi — antara jumlah korban sipil anu sakitu lobana jeung eureunna perang. Jejer ieu ngahaneutan deui ku ningkatna kasus térorisme nu nelasan rahayat sipil, boh ku pihak nagara atawa lain, nu tujuanana kurang leuwih sarua: nganggeuskeun perang. Pikeun leuwih lengkep ngeunaan ieu padungdengan, mangga aos Bom atom Hirosima jeung Nagasaki.

Ti saprak bom Hirosima jeung Nagasaki, pakarang nuklir téh rébuan kali diujicobakeun, di antarana ku AS, Uni Soviet, Inggris, Prancis, RRC, India, jeung Pakistan. Lian ti nagara-nagara éta, aya ogé sababaraha nagara nu ngaku boga pakarang nuklir, tapi teu pasti bener/henteuna. Misalna Israél, sigana boga program nuklir gedé-gedéan, sarta boga sahanteuna ratusan hulu ledak nuklir (baca Israél jeung pakarang pangruksak masal); sababaraha waktu ka tukang, Koréa Kalér ngaku boga pakarang nuklir; sedengkeun Iran dituduh ku sababaraha nagara Kulon ngembangkeun pakarang nuklir.


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy