Pakuan Pajajaran

Pakuan Pajajaran (atawa Pakuan/Pakwan atawa Pajajaran) nujul ka puseur dayeuh pamaréntahan Karajaan Sunda, hiji karajaan nu kungsi aya di Tatar Sunda, wewengkon kulon pulo Jawa. Di puseur ieu karajaan, Prabu Susuktunggal (ngawasa 1382-1482) ngadegkeun karaton/kadaton karajaan nu katelah "Sri Bimapunta Narayana Madura Suradipati".

Salinan gambar "Lokasi dan Tempat Ibu Kota Pakuan Pajajaran" tina buku Kabudayaan Sunda Zaman Pajajaran Jilid 2, 2005)

Ngaran/sebutan Pakuan Pajajaran kapanggih dina sababaraha titinggal arkéologis mangrupa prasasti jeung sababaraha naskah Sunda kuna, di antara prasasti Batutulis (abad ka-14), prasasti Kabantenan, naskah Carita Parahyangan (1580) jeung Fragmén Carita Parahyangan, Carita Waruga Guru (abad ka-18), jeung naskah MSA.

Pakuan Pajajaran munggaran diadegkeun ku Tarusbawa taun 669 M, nu asalna mangrupa wewengkon Sunda Sambawa, rajamandala (raja bawahan, vassal) handapeun kakawasaan Tarumanagara. Nalika taun 669 raja Taruma (Linggawarman) pupus, kakawasaan Tarumanagara ragrag ka minantuna (sabab teu boga anak lalaki) ti Sunda, nyaéta Tarusbawa. Ragragna kakawasaan ka Tarusbawa ieu ngabalukarkeun Galuh misahkeun manéh, sedengkeun Tarusbawa ogé horéng leuwih milih mingpin sésa kakawasaan Tarumanagara ieu ti Sunda (antukna salajéngna ngadeg karajaan Sunda). ku sabab Galuh misahkeun manéh, wilayah Tarumanagara ieu kabagi dua nu watesna walungan Citarum: béh kulon ku Sunda, béh wétan ku Galuh.

Dina catetan sajarah nu geus kagali, nu ngabaru/mindahkeun (deui) puseur karajaan ka Pakuan téh nyaéta Rahyang Banga (ti Galuh, 759), Darmasiksa (ti Saunggalah), jeung Jayadéwata (ti Kawali, 1487).

Pakuan Pajajaran katut karajaan Sundana diruntuhkeun ku Kasultanan Banten dina taun 1579.

Dina bukuna, Mencari Gerbang Pakuan, suwargina bapa Saleh Danasasmita, nyaritakeun yén urang Walanda anu ngaranna Abraham van Riebeeck kungsi nyukcruk galur mapay laratan éta dayeuh tepi ka dua kali nyaéta taun 1703 jeun taun 1704.

Ngarujuk kana buku Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran Jilid 2, karya suwargina bapa Edi S. Ekajati, Dr. F. De Haan ngagambarkeun perenahna Pakuan Pajajaran dina bukuna "Priangan", taun 1912.


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy