Pulo Jawa

Jawa

Peta lokasi pulo Jawa
{{{peta2}}}
Koordinat {{{koordinat}}}
Nagara Indonesia
Kapuloan Jawa
Propinsi {{{propinsi}}}
{{{tipe_dati2}}} {{{dati2}}}
Garis basisir 2884,7 km
Lega 138.793,6 km² (13)
Pangeusi 91.269.528 (1980)
(?)

Pulo Jawa téh hiji pulo di di gugusan kapuloan Sunda, Indonésia, nu mangrupa pulo pangpadetna di sakuliah dunya. Legana 132.000 km pasagi kalawan 151.6 pangeusi, mun mangrupa nagara mandiri mah bakal jadi nagara kadua pangpadetna sadunya. Pulo Jawa mangrupa lemah cai pikeun pituin pikeun urang Sunda jeung Jawa.

Ibu kota Indonésia, Jakarta, aya di basisir kalér-kuloneun Jawa. Loba kajadian penting sajarah Indonésia nu lumangsung di Jawa. Jawa jadi pusat karajaan Hindu-Budha, kasultanan Islam, jeung jadi inti koloni Walanda di Hindia Wétan. Dina dékade 1930-an jeung 1940-an, Jawa ogé jadi puseur perjuangan kamerdékaan Indonésia. Sacara pulitik, ékonomi, jeung budaya, Jawa dominan di Indonésia. Opat tina dalapan situs warisan dunya UNESCO di Indonésia perenahna di Jawa, kaasup Taman Nasional Ujung Kulon, Candi Borobudur, Candi Prambanan, jeung Situs Manusa Purba Sangiran.

Jawa kabentuk tina letusan gunung api, alatan subduksi Lempéng Australia di handapeun Lempéng Sunda. Jawa mangrupa pulo nu panggedéna ka-13 di dunya jeung ka-5 di Indonésia, legana kira-kira 138,800 kilométer pasagi. Pulo ieu dicirikeun ku ranté gunung api nu ngajajar ti wétan ka kulon.

Di Jawa, aya opat basa utama nu digunakeun: basa Jawa, Sunda, Madura, jeung Betawi. Basa Jawa jeung Sunda nyaéta nu paling loba dicaturkeun.[1] Urang Jawa aya di bagéan tengah jeung wétan, sedengkeun urang Sunda di bagéan kulon. Urang Madura di wewengkon wétan Jawa nyaéta migran ti Pulo Madura, sedengkeun urang Betawi di Jakarta asalna tina campuran rupa-rupa suku di Indonésia. Lolobana padumuk di Jawa mah ngomong dua basa, nyaéta basa Indonésia (basa resmi Indonésia) salaku basa kahiji atawa kadua. Sanajan mayoritasna Muslim, padumuk Jawa téh rupa-rupa agama, suku, jeung budaya.[2]

  1. Naim, Akhsan; Syaputra, Hendry (2011). Kewarganegaraan, Suku Bangsa, Agama, dan Bahasa Sehari-Hari Penduduk Indonesia: Hasil Sensus Penduduk 2010 (dalam Indonesian). Jakarta: Badan Pusat Statistik. p. 47. ISBN 9789790644175. 
  2. Stockdale, John Joseph; Bastin, John (2004-03-15). [[[:Citakan:GBurl]] Island of Java]. Periplus Editions (HK) Limited. ISBN 978-962-8734-23-8. 

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy