Sastra

sastra tulis
sastra tulis

Sastra téh asalna tina kecap Sangsekerta; sas jeung tra. Sas téh akar kecap dina rundayan nu hartina : ngarahkeun; ngajarkeun; ngawulangkeun; méré pituduh atawa paréntah.[1][2]

Tra téh mangrupa kecap ahiran nu biasana nuduhkeun alat; pakakas; sarana. Jadi Sastra hartina pakakas pikeun miwulang; buku pituduh; buku intruksi atawa buku pangajaran.[1] Dina budaya Sunda aya nu disebut susastra anu hartina tulisan anu éndah.[1] Numutkeun A.Teeuw sastra téh etimologina tina basa Yunani téa littera; nu harti saujratna nyaéta tulisan, éta kecap téh tuluy dipaké ku bangsa Latin, ti dinya nyebar ka sakuliah dunya, di antarana Inggris, Prancis, jeung Belanda.[3] Harti sastra (tulisan) téh kudu dipaluruh deui dina hubunganana jeung tujuh ciri basa tinulis.[3] Memang aya poténsi satra dina tujuh ciri basa tinulis tapi ogé sastra henteu idéntik jeung basa tinulis, lantaran aya sastra anu poténsina tina basa lisan nu disebut sastra lisan téa.[3]

  1. a b c (id)Retty Isnendes. Panyawangan Sastra. Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI. Bandung 2009.
  2. Suwondo, Dodo (2018). Pangajaran Basa Jeung Sastra Sunda: Panuyun Sangkan Bisa Ngajarkeun Basa Sunda Pikeun Mahasiswa jeung Guru PAUD/TIK. Jakarta: Penerbit YNHW. p. 39. ISBN 9786025069314. Diakses tanggal (disungsi – 22 Mei 2020). 
  3. a b c (id)A.Teeuw. Sastera dan Ilmu Sastera. Pt Pustaka Jaya. Jakarta 1984.

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy