Sunda

 
ᮞᮥᮔ᮪ᮓ
   

Sunda nyaéta éntitas bangsa/séké sélér nu nyicingan utamana bagian kulon pulo Jawa (katelah Tatar Sunda atawa Pasundan, kiwari ngawengku propinsi Jawa Kulon, Banten, jeung bagian kulon Jawa Tengah), nyaéta urang Sunda, nu ngagunakeun basa Sunda salaku basa indungna katut kabudayaanana.[1]


Kecap Sunda bisa nujul ka rupa-rupa harti nu sacara umum patali jeung wewengkon bagian kulon kapuloan Indonésia. Titinggal sajarah pangheubeulna nu nyebut-nyebut kecap Sunda nyaéta prasasti Kebonkopi 2 nu dijieun taun 536 M (atawa 458 Saka) dina basa Malayu nu nujul ka karajaan Sunda (aya ogé nu boga pamanggih yén prasasti ieu dijieun taun 932 M, atawa 854 Saka).[1] Kecap Sunda ogé geus aya ti saprak 4000 SM anu geus kaliwat numutkeun filologi Proto Melayu dipikanyaho pang kolotna di Asia, singhoréng gening leuwih ngora tibatan Proto Soendic (Sunda) rebuan taun (Bern Nothover, 1973).[2]

Urang Sunda miboga kayakinan yén mibanda étos atawa karakter kasundaan, salaku jalan ka kautamaan hirup. Karakter Sunda nu dimaksud nyaéta cageur (sehat), bageur (baik), bener (benar), singer (mawas diri), jeung pinter (cerdas). Karakter ieu geus dituluykeun ku masarakat nu cicing di Jawa barat ti jaman Kerajaan Salakanagara [3].

Urang Sunda mibanda ciri mandiri, kayaning soméah, lemes dina cumarita, resep heureuy, tur loba akalna.[4]

[5] Urang Portugis nu kungsi sagulung sagalang jeung urang Sunda, nyebutkeun cenah urang Sunda té jalujur, sarta lébér ku wawanén.[5] Citakan:Tarumanagara

  1. a b Luthfiyani, Lulu (2016). Kamus Genggam Bahasa Sunda. Jakarta: Frasa Lingua, Arvin Mahardika, Tsalaisye N.F. p. 1. ISBN 9786026475275. Diakses tanggal (disungsi – 21 Mei 2020). 
  2. Rosidi, Edi Suhardi Ekajati, Adeng Chaedar Alwasilah, Yayasan Kebudayaan Rancage, Ajip (2006). Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS): prosiding, Volume 2. the University of Michigan: Yayasan Kebudayaan Rancage. p. 387. Diakses tanggal (disungsi) 21 Februari 2021. 
  3. Sunda téh
  4. Anwar, Hafizh A. Nugraha, Hendi (2013). Rumah Etnik Sunda. Jakarta: GRIYA KREASI. p. 1. ISBN 9789796612116. Diakses tanggal (disungsi – 22 Mei 2020). 
  5. a b Reception Through Selection-Modification: Antropologi Hukum Islam di Indonesia. p. 132. ISBN 9786024012779. 

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy