Susu

Susu botol

Susu mangrupa bahan kadaharan anu istimiwa pikeun manusa alatan ngeunah sarta eusina anu nyumponan, sajaba cai susu ngandung kabéh zat anu diperlukeun ku awak, kabéh zat kadaharan anu kaeusi dina cai susu bisa diserep ku getih sarta dimangpaatkeun ku awak.[1] Cai susu mangrupa bahan kadaharan utama pikeun mahluk anu anyar lahir, boh pikeun sato boh manusa.[1] Cai susu kaasup jenis bahan pangan hewani, mangrupa cairan bodas anu dihasilkeun ku sato ingon-ingon mamalia sarta ditampa ku cara pemerahan.[1] Susu nyaéta salah sahiji anu pang ati-atina diuji sarta pohara diatur kadaharan anu sadia.[2]

  1. a b c wangenan susu Archived 2010-12-27 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 17 Oktober 2011)
  2. [1] Archived 2012-01-11 di Wayback Machine(Dicutat tanggal 17 Oktober 2011)

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy