Tarigu

Triticum aestivum
Tipung Tarigu

Tipung tarigu nyaéta tipung atawa bubuk lemes anu asalna tina bulir gandum, osok jadi bahan dasar pikeun nyieun kuéh, emih jeung roti.[1] Kecap tarigu asalna tina bahasa Portugis, trigo, anu hartina "gandum".[1] Tipung tarigu miboga kandungan zat pati (polisakarida), nyaéta karbohidrat kompleks anu teu liur lamun kacaian.[1] Tipung tarigu ogé miboga kandungan protein dina bentuk gluten, anu miboga peran pikeun nangtukeun geunyal henteuna kadaharan anu dijieuna tina tarigu.[1] Tipung tarigu asalna tina gandum, bédana tarigu asalna tina siki gandum anu dilemeskeun, sedengkeun tipung gandum utuh (whole wheat flour) asalna tina gandum jeung kulit arina anu ditutu.[1]

  1. a b c d e TEPUNG TERIGU (Dicutat tanggal 2 Desember 2011)

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy