Tipung nyaéta bubuk leutik tur lemes anu dihasilkeun tina olahan sisikian, beubeutian pon kitu deui sasatoan.[1]
Badag jeung lembutna tipung gumantung kana mangsa nutuan atawa ngagilingna, tipung ilaharna dimangpaatkeun pikeun kabutuhan rumah tangga, bahan baku industri, panalungtikan, jeung réa-réa deui.[1]
Tipung dihasilkeun tina rupa-rupa bahan saperti : Tipung tarigu tina gandum , tapioka tina sampeu , maizéna tina jagong , tipung lauk, tipung tulang, tipung sagu tina tangkal kirai , jeung rea-rea deui.[2][3]
↑ abDanadibrata, R.A (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 702. ISBN9793631937. Diakses tanggal (disungsi) 4 Maret 2021.