Urang Sunda

Urang Sunda

Baris luhur ti kénca ka katuhu:
Déwi Sartika · Juanda Kartawijaya · Ali Sadikin · Umar Wirahadikusumah · Oto Iskandar di Nata
Baris handap ti kénca ka katuhu:
Rieke Dyah Pitaloka · Rhoma Irama · Hassan Wirajuda · Taufik Hidayat · Marty Natalegawa
Populasi total: 30-an juta (itungan kasar tina sénsus 2000)
Populasi utama di: Jawa Kulon, Banten, Jakarta, Jawa Tengah
Basa: basa Sunda (kabagi kana sababaraha basa wewengkon), Indonésia, Jawa
Ageman: Mayoritas

Islam, Minoritas

aya ogé saeutikna babaraha urang Sunda nu nganut Sunda Wiwitan, Kristen jeung Hindu

Séké sélér nu patali: Jawa, Betawi

Urang Sunda (ᮅᮛᮀ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ) mangrupa salah sahiji séké sélér nu ngeusi utamana bagian kulon pulo Jawa, populasi kadua panglobana di Indonésia. Luyu jeung sajarahna, urang Sunda lolobana sumebar di lemah caina nu kiwari sacara administratif sumebar di propinsi Jawa Kulon, Banten, Jawa Tengah, DKI Jakarta, jeung Lampung kidul. Lian ti éta, program transmigrasi ti Tatar Sunda ka sababaraha wewengkon di Kalimantan jeung Sulawesi ogé ngahasilkeun kantong-kantong masarakat Sunda, katambah ku pribadi-pribadi nu sumebar di sakuliah dunya, nu utamana kadorong ku motif ékonomi.[rujukan?]


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy