Bala-bala

Bala-bala haneut di tukang goréngan.

Bala-bala nyaéta salah sahiji kadaharan nu kaasup kana wanda goréngan nu aya Indonesia. Bahan utama ieu kadaharan téh tina tipung tarigu.[1] Bahan tambahan nyieun bala-bala téh nyaéta togé (kacambah), kol, jeung wortel dikeureutan iripis. Sanggeus kitu, tuluy dibumbuan jeung diadonan tuluy digoréng dina minyak kalapa nu geus panas. Di daérah séjén bala-bala téh sok disebut bakwan, malah méh sarua jeung masakan Jepang yasai tenpura (tempura sayur).

Bala-bala (bakwan) téh saéstuna mah pituin ti Tiongkok (Cina) nu nyurup jeung kecap Bak (肉) hartina daging. Sarupa jeung kadaharan séjén saperti, Bapao (roti eusi daging), Bakso (daging bentukna buleud), Bakmi (mie daging), Bakpia (Kuéh daging kacang héjo), jeung Bacang (kadaharan eusi daging).

Dina kagiatan dagang jeung akulturasi budaya di Indonesia, resep kadaharan téh silih pangaruhan. Dpakéna kecap Bak nepi ka ayeuna sanajan kadaharanana henteu maké daging atawa hurang.

  1. No Money, No Honey: A study of street traders and prostitutes in Jakarta by Alison Murray. Oxford University Press, 1992. Glossary page xi

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy