Risoles

Risoles

Risoles ( rissole) nyaéta salah sahiji kuéh garing nu eusina daging jeung sayuran dibungkus dina hiji gulungan nu dijieun tina tipung roti jeung diolésan ku endog hayam meunang ngocok. [1] Ieu kadaharan bisa ogé dipanggang dina open. [1] Risoles nu ukuranana leutik bisa dipaké jadi hiasan keur kadaharan nu ukuranana gedé, saperti potongan daging hayam atawa daging sapi.[1] Eusi risoles bisa maké daging ayam, daging sapi, daging lauk, hurang, supa, wortel, kentang, atawa buncis. [1] Adonan gulunganana dijieun tina campuran tipung tarigu, endog kokonéngna, mantega (margarin), jeung cai atawa susu. [1] Risoles anu kawentar di Indonesia nyaéta risoles sayuran nu dicampur daging jeung risoles nu eusina ragout.[1] Ieu kuéh wangunna segi panjang saperti amplop. Risoles segitilu téh umumna dieusian ragout.[1] Risoles bisa didahar maké sambel suuk nu éncér, sambel botol, atawa bari ngageletuk céngék.[1]

  1. a b c d e f g h Habsari, Rinto (2002). Snack Gurih Goreng. Gramedia Pustaka Utama. p. 14. ISBN 9-7922-0048-7. 

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Tubidy